Paribahasa Sunda
A- Abang-abang lambe Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
- Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan Ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
- Adam lali (ing) tapel Jelema nu geus poho ka baraya jeung poho ka lemah caina sorangan.
- Adat kakurung ku iga Laku lampah kurang hade ami hese di-leungitkeunana.
- Adean ku kuda beureum Ginding ku papakean/barang beunangnginjeum, atawa agul ku banda batur.
- Adep-hidep Kumawula (ka salaki).
- Adigung-adiguna Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur,kaciri dina laku lampah jeung omonganana.
- Adil palamarta Kacida adilna.
- Adu telu ampar tiga Nu aya perkara diriungkeun atawa nu jual-beuli.
- Agul ku payung butut Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga.
- Ahli leleb Tukang baranghakan.
- Ajak jawa Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur.
- Akal bulus Akal licik, akal jahat,
- Akal koja Pinter dina kagorengan.
- Aki-aki tujuh mulud Geus kolot pisan.
- Aku-aku angga Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
- Alak paul Kacida jauhna.
- Alak-alak cumampaka Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
- Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
- Along-along bagja Teu tulus meunang bagja.
- Alus laur hade ome Tegep dedeg pangadegna (boh awewe boh lalaki).
- Alus panggung Hade dedeg pangadegna.
- Ambek nyedek tanaga midek Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateim.
- Ambek sadu santa budi Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
- Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua gobang) Babari ambek rosa.
- Ambon sorangan Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
- Amis budi Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut.
- Amis daging Babari pisan katerap kasakit
- Anak dua keur gumunda Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
- Anak emas Anak anu kacida dipikanyaah ku kolotna, atawa pagawe anu kacida dipikanyaah ku dununganana.
- Anak hiji keur gumeulis Awewe" nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
- Anak merak kukuncungan Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
- Anak tilu keur kumusut Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
- Anggeus-anggeusan Bebeakan.
- Anjing ngagogogan kalong Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
- Anjing nyampeurkeun paneunggeul Ngadeukeutan nu rek mahala.
- Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan Anu gedebul dihanu'nan, supaya tambah maceuh.
- Apal cangkem Apal tapi teu nyaho hartina.
- Ari diarah supana, kudu dijaga catangna Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
- Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora.
- Asa aing uyah kidul Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna.
- Asa bucat bisul Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
Asa dijual teu payu Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna. - Asa dina pangimpian Rarasaan keur ngimpi awahing helok padahal keur nyaring.
- Asa dipopokan tai Ngarasa pohara diwiwirangna.
- Asa dipupuk birus Ngarasa tibra hate.
- Asa ditonjok congcot Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka.
- Asa ditumbu (katumbu) umur Kacida atohna, lantaran dibere barang anu kacida dipikahayangna atawa ditulungan dina keur meunang kasusah.
- Asa euweuh beungeutan Kacida erana.
- Asa kabur pangacian Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
- Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
- Asa katindihan langit Henteu aya harepan.
- Asa kiamat Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
- Asa mobok manggih gorowong Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
- Asa nyanghulu ka jarian Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
- Asa peunggas rancatan Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
- Asa potong (pingges) leungeun katuhu Leungiteun jelema nu kacida gede gawena, kacida dipikabutuhna.
- Asa rawing daun ceuli Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
- Asa teu beungeutan Era kacida.
- Asa tungkeb bumi alam Kacida bingungna.
- Asak jeujeuhan Dipikiran heula masing anteb.
- Asak sasar Dipaluruh bener-henteuna.
- Asak warah Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
- Atah adol Kurang ajar, kurang pangawarah.
- Atah anjang Langka silih anjangan.
- Atah warah Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
- Ateul biwir Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
- Ateul dampal leungeun Gereget hayang nampiling.
- Ati mungkir beungeut nyanghareup Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
- Ati putih badan bodas Beresih hate, taya geuneuk-maleukmeuk.
- Atung eneh atung eneh Kitu-kitu ken£h.
- Aub payung sabet sapon saba-soba Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
- Awak kawas badawang Jangkung gede teu matut.
- Awak sabeulah Henteu boga salaki atawa pamajikan.
- Awak sampayan(eun) Make pakean kumaha oge pantes bae.
- Awak satilas Jangkung lenjang.
- Awet jaya (ngora) Katenjona siga ngora bae.
- Awet-rajet Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
- Awewe mah dulang tinande Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
- Awewe mah tara cari ka Batawi Awewe mah tara nyiar kipayah.
- Awi sadapuran tara lempeng kabeh Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
- Aya (boga) garad Aya maksud nu dikemu, aya nu dipambrih, henteu iklas.
- Aya astana sajeungkal Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
- Aya bagja teu daulat Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
- Aya buntutna Aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
- Aya cukang (jalan) komo meuntas Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
- Aya dina sihung maung Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
- Aya gantar kakaitan Aya hal arm teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
- Aya jalan komo meuntas Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
- Aya jodo pakokolot Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
- Aya jurig tumpak kuda Datang milik anu henteu disangka-sangka.
- Aya kelong newo-newo Aya anu ngusutkeun (ngarorocet), padahal geus beres pisan tadina mah.
- Aya nu dianjing cai Aya nu diheroan.
- Aya (boga) pikir kadua leutik Aya kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.
- Aya (boga) pikir kapingburi Aya kahayang anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila ditimbang-timbang.
- Ayakan tara meunang kancra Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
- Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
- Ayang-ayangan Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
- Ayem tengtrem Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
- Ayeuh ngora Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
B
- Babalik pikir Ngarobah lampah goreng kana hade.
- Babanteng jurit Pamanggul jurit.
- Babon kapurba ku jago Awewe kudu nurut ka salaki.
- Badak Cihea Degig, tara nanya.
- Bagja kamanyangan Bagja gede.
- Bahe carek Gampang nyarekan.
- Balabar kawat Saembara.
- Baleg tampele Mojang anu keur mangkat beger, tapi eraan keneh lamun panggih jeung lalaki.
- Bali geusan ngajadi Lembur matuh, lemah cai, tempat lahir.
- Balik jarami Ngagarap sawah anu kakara anggeus dipibuatan.
- Balik ngaran Maot di lembur batur.
- Balung kulit kotok meuting Kanyeri baheula ten leungit-leungit, henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
- Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan Rido, iklas, suka pisan.
- Bancang pakewuh Pikasusaheun, picilakaeun.
- Banda sasampiran, nyawa gagaduhan Ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang.
- Banda tatalang raga Leuwih hade ngorbankeun harta, tibatan cilaka awak.
- Bangkong kolentang Sagala euweuh, teu boga duit pisan.
- Banteng ngamuk gajah meta Kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis.
- Banting tulang Digawe popohoan.
- Bapa heman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean.
- Batan kapok kalah (anggur) gawok Kalah beuki maceuh.
- Batok bulu eusi madu Henteu cocog jeung panenjo; siga bodo tapi pinter, siga miskin tapi beunghar jeung sajabana.
- Batok kohok piring semplek Paparabotan nu taya hargana.
- Batu turun keusik naek Cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daek, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana.
- Batur ngaler ieu ngidul Lain-lainna deui jeung nu keur diomongkeun ku batur.
- Bau-bau sinduk Baraya keneh sanajan laer.
- Beak dengkak Geus beak tarekah.
- Beak ka lebu-lebuna Ledis, teu nyesa saeutik-eutik acan (harta banda).
- Bear budi Gumbira.
- Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai Lubak-libuk tapi henteu bisa kapake lantaran lain hakna.
- Bedah bendungan Kalah wowotan ku gogoda nu pohara.
- Bengkok tikoro Teu kabagean kadaharan istimewa, lantaran teu datang atawa geus beakeun manten.
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok Kajeun ripuh asal teu jauh jeung anak-incu.
- Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang Kabisana ngan nitah, teu daek prak sorangan.
- Beres roes Runtut raut (nu laki-rabi).
- Beulah hoean Siga hoe dibeulah, tonggong munding nu lintuh pisan.
- Beungeut nyanghareup ati mungkir Henteu terus jeung hate.
- Beunghar memeh boga Loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaandirina.
- Beurat birit Hese ditutah-titah, kedul.
- Beurat nyuhun beurat nanggung Kacida tumarimana.
- Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeun inya Kacida narimakeunana kana kahadean batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna.
- Beureum paneureuy Hese pisan hasil maksud.
- Beuteung anjingeun Beuteung anu gede ka luhur.
- Beuteung mutiktrik berekat meunang Dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat.
- Beuteung si eta mah ruas bungbas Teu aya kaseubeuhan.
- Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar Jaman geus robah, jelema oge loba nu ganti pacabakan, atawa robah-robah tingkah lakuna.
- Bilatung ninggang dage Jelema teu jujur meunang kadudukan atawa kasempetan anu matak nguntungkeun keur dirina.
- Birit aseupan Jelema nu diukna teu daek cicing, nyanggeyeng ka ditu, nyanggeyeng ka dieu.
- Bisa ka bula (bala) ka bale Bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, atawa bisa gawe kasar jeung gawe lemes.
- Bisa lolondokan Bisa nuturkeun adat sakarep batur supaya akur, bisa ula-ilu.
- Bisi aya ti cai ti geusan mandi Bisi aya nu kasigeung atawa ka-toel mamaras rasana.
- Biwir aweweeun Sok ngedalkeun kecap-kecap nu kurang hade.
- Biwir nyiru rombengeun(bbs): Sagala dicaritakeun anu saenyana kudu dirasiahkeun.
- Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah Darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
- Bobo sapanon carang sapakan Teu puguh undak-usukna, teu beres entep seureuhna; eta babasan sok dipake pamungkas carita, sasadu bisi salah pok-pokanana atawa pereleanana.
- Bobor karahayuan Katarajang apes, cilaka, atawa meunang kasusah.
- Bobot pangayon, timbang taraju Pangadilan, timbangan nu adil.
- Bodo alewoh Bodo tapi daek tatanya.
- Bodo katotoloyoh Tara daek tatanya, tara daek nurut kana nasehat batur.
- Boga pikir rangkepan Henteu bolostrong, henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis.
- Boga sawah saicak Boga sawah saeutik.
- Bogoh nogencang Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
- Bohong dirawuan Kacida rahulna.
- Bojo denok sawah ledok Hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup.
- Bongkok meongeun Semu bengkung ka tukang palebah cangkeng (awewe).
- Bonteng ngalawan kadu Nu leutik ngalawan ka nu gede.
- Borangan ku surak Eraan dina gempungan jalma rea.
- Bosongot bade amprotan Pikagigiseun (kana beungeut), pikagimireun, pasemon jagoan.
- Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah Jalma beunghar nepi ka barangteundeun teu puguh tempatna sabab barangna loba.
- Buah ati/buah hate Kakasih.
- Bubu ngawaregan cocok Mere nasehat atawa nyieun aturan anu balukarna nguntungkeun sorangan.
- Buburuh nyatu diupah beas Neangan pangarti bari meunang tunjangan, meunang dua rupa kauntungan.
- Budak bau jaringao keneh Budak can aya kanyaho, budak olol-leho.
- Budak olol leho keneh Pamoyok ka jalma ngora nu tacan boga pangalaman dina pagawean.
- Budak rodek hulu Budak can aya kanyaho.
- Budi santri legeg lebe, ari lampah euwah-euwah Jelema anu omongan jeung kalakuanana kawas enya jelema bener, padahal saenyana mah jahat.
- Bujang jengglengan Jajaka tulen sarta tegep.
- Bujang tarangna Lalaki anu can kawin geus teu bujang deui.
- Bulan alaeun Kakandungan anu geus nincak salapan bulan.
- Bulu taneuh Tukang tani, patani.
- Buncir leuit loba duit Beunghar, taya kakurang.
- Bungah amarwatasuta Bungah sagede anak gunung, bungah pisan.
- Bungbulang tunda Tunda talatah, dikeunakeun ka jalma nu dititah baranggawe tara prak ku sorangan, tapi kalah sok nitah deui ka batur.
- Buntu laku Teu bisa neruskeun usaha atawa pagawean.
- Buntut kasiran Koret, kumed, medit.
- Bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leumpang Hirup senang taya kakurang, salilana ginding.
- Buruk-buruk papan jati Sanajan ngewa/ambek ka dulur/baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu ngantep.
- Burung palung dulur sorangan Sanajan ngewa/ambek ka dulur/ baraya nu landes, ari manehna meunang karerepet mah teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana,henteu ngantep.
- Buta terong Pamoyok ka jelema nu goreng patut, katurug-turug sagala beuki.
- Butamuna Bodo balilu, teu nyaho naon-naon.
- Butatuli Teu nyaho naon-naon.
C
- Caang bulan dadamaran Migawe hal nu teu perlu deui.
- Caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan Rido pisan.
- Caang padang narawangan Caang pisan atawa bisa nenjo ku panon batin ka tempat gaib.
- Cacag nangkaeun Henteu beres atawa henteu alus lantaran mindeng katunda tuluy dihanca deui (pagawean atawa carita).
- Cacah rucah atah warah Somah nu dianggap taya ajenna sarta bodo.
- Cacarakan Kakara diajar, tacan bisa bener.
- Cadu mungkuk haram dempak Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara.
- Cadu ngalantung ka lisung Henteu daek buburuhun (awewe).
- Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo Sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering. Cai di hilir mah kumaha ti girangna Ra'yat leutik sok nyonto kalakuan parningpinna.
- Caina herang laukna beunang Hasil maksud ku cara lantip bari teu aya pacengkadan.
- Campaka jadi di reuma Nu geulis urang kampung/lembur lain pipanteseunana aya di pasisian. Campur kaya Tepung kaya atawa kaya reujeung kaya, harta banda babarengan nu rimbitan.
- Cangkir emas eusi delan Jelema anu omonganana alus, tapi saenyana hatena goreng.
- Cara hurang, tai ka hulu-hulu Bodo pisan.
- Carang takol Jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.
- Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket Taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakewuh.
- Cecendet mande kiara, cileuncang (cileungcang) mande sagara Nu miskin atawa jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar.
- Ceplak pahang Satarabasna teuing kajeun matak nyeri hate batur.
- Ceuli lentaheun Sok sadenge-dengena, najan lain dengekeunana, atawa resep ngadengekeun kagorengan batur.
- Cikal bugang Cikal hirup, anu pangheulana gugur di medan perang.
- Cikaracak ninggang batu, laun-laun (batuna) jadi legok Awahing ku leukeun, laun-laun jadi bisa.
- Cilaka dua belas Cilaka pohara.
- Ciri sabumi cara sadesa Kabiasaan di unggal daerah beda-beda.
- Clik putih clak herang Rido, iklas, kaluar tina hate anu beresih.
- Congo-congo ku amis, mun rek amis ge puhuna Anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan.
- Cruk-crek Gunta-ganti pamajikan.
- Cucuk rungkang Perkara leutik atawa teu pira, tapi lamun diantep bisa ngaganggu kana urusan anu gede.
- Cueut ka hareup Tereh maot, geus kolot.
- Cueut ka nu hideung, ponteng ka nu koneng Teu adil, pilih kasih.
- Cukang tara neangan nu ngising Nu hayang ditulungan sapantesna datang ku maneh kanu rek dipentaan tulung.
- Cukup belengur baraga naya Resep mere ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
- Cul dogdog tinggal igel Ninggalkeun gawe baku lantaran ngalampahkeun pagawean sejen nu teu aya hasilna.
D
- Daek macok, embung dipacok Jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daek menta embung dipenta.
- Dagang oncom rancatan emas Modal nu kacida gedena, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha.
- Dagang peda (pindang) ka Cirebon Dagang barang ka tempat nyieun eta barang.
- Dah bawang dah kapas Jual-beuli kontan.
- Dahar kawas meri Uprat-apret jeung ngaremeh.
- Daharna sakeser daun Daharna mindeng pisan.
- Datang katenjo (katingali) tarang, undur katenjo (katingali) pun-duk Tatakrama nu amit-amitan, nembongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh.
- Dedenge tara Kadenge sawareh atawa dedengean anu teu pati tetela.
- Dengdek tapi maliding sanak Pilih kasih, teu adil.
- Deukeut (heureut) deuleu pondok lengkah Kurang paman- dangan jeung teu bebas dina indit-inditan.
- Deukeut-deukeut anak taleus Sakitu padeukeut teu nyaho yen baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranehanana.
- Deungeun-deungeun haseum Taya baraya saeutik-eutik acan.
- Di bawah tangan Teu make saksi ti pihak nu resmi.
- Diadudombakeun Diadu-adukeun.
- Diadukumbangkeun Dicekel pundukna tuluy diadekkeun palebah tarangna sataker tanaga. Dialungboyongkeun Digujag-gajig, dipundah-pindah.
- Dianakterekeun Disapirakeun.
- Diangeuncareuhkeun Diantep henteu didahar.
- Dibabuk lalay Dibabukan kawas lalay (musuh loba nu ngaronom urang), ngababukan ngenca-ngatuhu.
- Dibejerbeaskeun Dieceskeun atawa dijentrekeun pisan.
- Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa Lantaran dibere wani saeutik, jadi beuki loba pamentana sarta nyalutak (jalma kurang ajar).
- Dibeuleum seuseur Diburu-buru sina anggeus.
- Dibeuteungan nyusu Dieureunan nyusu, dipesat.
- Dibeuweung diutahkeun Dipikir dibulak-baHk.
- Dibilang peuteuy Dibilang hiji-hiji. l
- Didagoan ku seeng nyengsreng Dipikabutuh ayeuna.
- Didago-dago tilewu Hanas didagoan, ari pek teu datang.
- Didingding kelir Dibuni-buni atawa dirusiahkeun.
- Dihin pinasti anyar pinanggih Sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.
- Dihurunsuluhkeun di(sa)kompetdaunkeun Disamarutkeun jeung nu boga dosa; nu goreng saurang, kabeh kababawa.
- Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug bae.
- Dijieun lalab rumbah Disapirakeun, henteu diajenan.
- Dikepung wakul buaya mangap Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna.
- Dikerid peuti Dibawa kabeh saeusi imah atawa kampung.
- Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ditambang, ditalak henteu, dinapakahan oge henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakena.
- Diperih pati turta gawe Dibere papancen nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati.
- Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung batur, tapi nu saenyana man jahat.
- Dipisudi mere budi Dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan.
- Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang Dihukum pati, dihukum beurat pisan.
- Disuhun dina embun-embunan Ditarimakeun pisan.
- Disusul tepus Diteangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa).
- Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dianggap aneh atawa model.
- Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup Kekecapan keur awewe anu kacida geulisna, taya cawadeunana.
- Ditiung memeh hujan Kudu iatna samemeh cilaka. Ditiung sanggeus hujan Kakara iatna sanggeus karuhan cilaka, lain samemehna nyegah picilakaeun.
- Ditulis tonggong Dibokong, nu boga hadas teu dibejaan atawa teu dibawa mupakat heula.
- Dogdog pangrewong Jalma nu mantuan pagawean tamba lumayan, teu boga tugas nu penting.
- Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur Ngalindeukan lanjang (mojang) pipamajikaneun, ari geus meujeuhna dikawin kop ku batur.
- Dosa salaput hulu Dosa anu geus kacida lobana.
- Dug hulu pet nyawa Usaha satekah polah meh taya eureunna.
- Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa Digawe beurat meh taya eureunna.
- Duit pait (panas) Duit nu teu meunang dipake pikeun kaperluan pribadi, duit nagara atawa duit amanat
- Duum tinggi Babagi henteu adil, aya nu meunang loba, jeung aya nu saeutik.
PARIBASA SUNDA EGH
E
- Eleh deet Ngelehan maneh.
- Elmu ajug Jalma nu biasa mapatahan kahadean ka batur, ari sorangan henteu bisa ngamalkeunana.
- Elmu angklung Joledar atawa patukang tonggong jeung kolot.
- Elmu kepek Pituduh tina buku atawa kitab anu acan diprakkeun ku sorangan.
- Elmu sapi Samiuk kana kagorengan, guyub dina hal nu kurang hade.
- Elmu tumbila Pribumi ngarugikeun semah.
- Elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna Hirup kudu nungtut nyiar elmu pikeun kasalametan dunya aherat sarta kudu siger tengah.
- Elok bangkong Ampir sakarat.
- Era parada Era ku lampah atawa omongan batur, nu matak aeb.
- Embung kakalangkangan Embung kaelehkeun.
- Endog mapagahan (mapatahan) hayam Budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina.
- Endog sapataragan tara megar kabeh Di antara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya bae anu teu pati alus milikna.
- Endog sasayang (sapataragan), peupeus hiji peupeus kabeh Mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codeka, sok mamawa ka sarerea.
- Euweuh (taya) siruaneunana Dilarapkeun ka jalma nu teu boga sipat-sipat nu hade.
G
- Galagah kacaahan Nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
- Galak sinongnong Lalaki (bujang) nu mimiti aya sir ka awewe, tapi can wani adu hareupan.
- Galak timburu Babari timburuan. Awewe nyangka nyelewer ka salakina atawa sabalikna.
- Galegeh gado Someah, akuan, atawa darehdeh bisa nyarita, tapi teu terus kana hatena.
- Gancang pincang Pagawean anu babari anggeus, tapi hasilna henteu nyugemakeun.
- Gantung denge Ngarasa hanjakal sabab hayang keneh ngadengekeun, anggeus manten.
- Gantung teureuyeun Ngarasa hanjelu sabab barangdahar can seubeuh, kapaksa dieureunkeun.
- Garo maling Boleksek henteu dihaja, urut gagaro keur sare.
- Garo mengmengan Euweuh kasabaran.
- Garo singsat Peta awewe nu teu sabar ngadagoan nu can datang. Garo-garo teu ateul
- Gagaro lantaran bingung atawa keuheul. Gasik nampi gancang narima Ngabageakeun tamu (semah) ku budi jeung basa nu hade.
- Gentel keak Budak anu meh tara lesot ti indungna, mun dilesotkeun sok ceurik.
- Gede cahak manan cohok Leuwih loba ngaluarkeun duit batan panghasilan.
- Gede gunung pananggeuhan Adigung dumeh aya andelan atawa aya nu dipuntangan.
- Gede hulu Adigung, sombong.
- Gede-gede kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lincar sok bencar (anggang), dipake pancir ngajedig Jelema nu taya gunana, lantaran bodo, hengker jeung ngedul. Ilikan Mun di lembur kayu randu.
- Geledug ces Ukur rame mimitina wungkul, ka dituna mah jadi tiiseun.
- Gemah ripah loh jinawi Gegek cacah jiwana sarta raharja. Genteng-genteng ulah potong Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae tinimbang luput.
- Gereges-gedebug Ngalamp,ahkeun pagawean teu karana dipikir panjangheula.
- Gering nangtung (ngalanglayung) Henteu gering parna, tapi sehat bener oge henteu (ngalanglayung).
- Getas harupateun Babari ambek.
- Geugeut manjahan Ngogo ka budak tapi ari ambek gampang nyarekan, ngan henteu nepi ka meupeuh atawa neunggeul.
- Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.
- Geus apal luar jerona Geus nyaho kana kalakuan jeung tabeatna.
- Geus aya dina pesak Geus nyaho pisan kana sarupaning perkara.
- Geus aya kembang-kembangna Geus aya hal-hal nu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
- Geus bijil bulu mayang Geus mimiti baleg (ka lalaki).
- Geus cueut ka hareup Geus kolot, geus liwat satengah tuwuh.
- Geus cumarita Geus kawin sarta imah-imah sorangan, geus misah ti kolot.
- Geus karasa (ngarasa) pait peuheurna Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna.
- Geus labuh bandera Perkara anu geus diputus.
- Geus nyanghulu ngaler Geus maot.
- Geus turun amis cau Geus mimiti beger (awewe).
- Gindi pikir belang bayah Goreng hate, resep nyilakakeun batur.
- Ginding bangbara Resep gigindingan jeung royal ngarah katenjo ku batur, tapi di imah kekerehet
- Ginding kekempis Jelema ginding tapi teu boga duit.
- Giri lungsi tanpaingan (tanpa hingan) Ulah ngahina sanajan ka nu lemah atawa nu leutik.
- Goong nabeuh maneh Ngagulkeun diri sorangan.
- Goong saba karia Datang ka nu hajatan bari teu diondang, maksudna sangkan kaarah gawe tur seubeuh baranghakan.
- Goreng peujit Goreng hate (dengki).
- Goreng sisit Goreng milik.
- Goreng sopak Jelema goreng patut.
- Gugon tuhon Kukuh, boh ka dunungan, boh kana adat kabiasaan atawa kapercayaan.
- Gulak-giluk kari tuur, herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang Asal beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
- Gunung hapitan sela Budak awewe nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi lalaki hiji (sabalikna tina sela hapitan gunung).
- Gunung luhur beunang diukur/ laut jero beunang dijugjugan (diteuleuman), tapi hate jalma najan deet moal kakobet Nganyahokeun eusi hate (kahayang) jelema anu dirasiahkeun mah kacida hesena.
- Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Taya wates wangenna, kacida legana, euweuh tungtungna.
- Gurat batu Kukuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teguh tangtungan.
- Gurat cai Babari ngarobah omongan/jangji nu geus diucapkeun. Cidera kana jangji. Sabalikna tina gurat batu.
- Guru, ratu, wongatua karo Guru, raja (pamingpin), jeung kolot wajib dihormat jeung diturut parentahna.
- Guyur salelembur ear sajajagat Pohara geunjleungna,
H
- Hade gogog hade tagog Hade basa hade tata jeung hade
- paripolahna. Hade ku omong goreng ku omong Sagala rupa perkara bisa disebut hade atawa goreng lantaran omonganana.
- Hade lambe (lalambe) Alus omong tapi teu terus jeung hate.
- Hade repok Alus nasibna dina laki-rabi, loba rejeki, jste.
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean nu geus sakitu lilana, leungit ku ngalampahkeun kagorengan sakali.
- Hambur bacot murah congcot Babari nyarekan, tapi berehan. Hampang birit Daekan, sabalikna beurat birit. Hampang leungeun Gampang neunggeul.
- Handap lanyap Hade basa, puguh entep-seureuhna, tapi nu saenyana mah ngunghak atawa ngahina; hormat tapi matak nyentug kana hate.
- Handap asor Daek ngahormat ka batur.
- Hantang hantung hantigong hantriweli Kalah ka hade rupa hade tagog, tapi taya araheunana.
- Haok hamprong Beuki hahaok.
- Hapa heman Taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean. bandingkeun Nu asih dipulang sengit.
- Hapa hui/kapahui Teu jamuga.
- Hapa-hapa oge ranggeuyan Sanajan teu boga harta banda leuheung keneh sabab boga salaki.
- Harewos bojong Omongan anu diharewoskeun, tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan.
- Harelung jangkung Kacida jangkungna.
- Harigu manukeun Dada jelema nu nonjol ka hareup.
- Haripeut ku teuteureuyeun Totorosol pisan kana urusan pirejekieun.
- Hams omong batan goong Beja mah sok babari pisan sumebarna.
- Haseum budi Leuwih mindeng baeud jeung camberut tibatan seuri.
- Haseum kawas cuka bibit Kuraweud haseum, teu me're budi pisan.
- Hatur tangis Ngabejakeun kanyeri ati.
- Hawara biwir Resep ngabejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana.
- Hayang leuwih jadi leweh Hayang untung kalah rugi.
- Hayang untung jadi (kalah) buntung Tinimbang untung kalah rugi.
- Hayang utah iga Ngarasa kacida sebelna.
- Hejo cokor badag sambel Dusun pisan.
- Hejo tihang Resep pipindahan, gunta-ganti pagawean.
- Herang caina beunang laukna Anu dipikahayang laksana ku
- jalan badami tur henteu kalawan nganyenyeri hate batur.
- Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang Asal
- beunghar jadi miskin, bandana teu ngari saeutik-eutik acan.
- Hese cape teu kapake Hanas ceuk rarasaan mah digawe soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir.
- Henteu asa jeung jiga Geus loma pisan.
- Henteu cai herang-herang acan Teu disuguhan naon-naon (teu cai-cai acan).
- Henteu gedag bulu salambar Henteu sieun atawa henteu gimir saeutik-eutik acan.
- Henteu jingjing henteu bawa Henteu mawa naon-naon keur oleh-oleh ka nu dijugjug.
- Henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan Henteu kapangaruhan ku ruruba (rupa-rupa panggoda), pageuh nyekel tangtungan sorangan.
- Heueuh-heueuh bueuk Ongkoh nyaluyuan (nyebut heueuh), tapi henteu terus kana hatena.
- Heunceut ucingeun Babari reuneuh.
- Heuras genggerong Caritaanana sugal jeung garihal, teu bisa ngangeunahkeun hate batur ku omongan.
- Heuras letah Omonganana matak nyugak atawa teu ngeunaheun batur.
- Heureut pakeun pungsat bahan Teu rea kaboga, saeutik panghasilan.
- Heurin ku letah Teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu.
- Hideung ngabangbara Hideung meles sarta herang.
- Hideung-hideung oge buah manggu, matak tigurawil bajing Nyolong bade; sanajan luarna (cangkangna) henteu pikabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.
- Hileud peuteuy Jelema anu ngahalang-halang pakarepan batur. Hirup disuhun, paeh dirampes Tumamprak pasrah kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus beak dengkak, upama nu gering geus lila teu cageur bae.
- Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa Hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bisa dipastikeun ti anggalna.
- Hirup ku ibun, gede ku poe Hirup balangsak, sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar.
- Hirup ku panyukup gede ku pamere Jelema anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur.
- Hirup ngabangbara Jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ari sakalieun barangpake mani kacida gindingna.
- Hirup ramijud Hirup teu ngaleunjeur lantaran numbuk di sue (taya kamarasan).
- Hirup teu neut, paeh teu hos Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot.
- Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih (aya) beja Laku lampah kudu bageur supaya alus kacaritakeunana.
- Huap hiji diduakeun Ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu perlu dibelaan.
- Hudang pineuh (tineuh) Mindeng hudang tuluy ngedeng deui, lantaran teu daek sare ku ngarasakeun panyakit.
- Hujan cipanon Ceurik balilihan, loba nu ceurik.
- Hulu gundul dihihidan Nu keur untung tambah untung.
- Hulu peutieun Jelema nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna.
- Hunyur mapande (mandean) gunung Nyeta-nyeta jelema anu leuwih ti manehna (biasana dina kaboga), atawa cacah nyaruakeun maneh ka menak.
- Hurip gusti, waras abdi Jaman peodal, upama raja senang sarta mulya, rayat cageur.
- Hurung nangtung siang leumpang Beunghar sarta dipake ngaginding.
- Hutang hatong Satengah heureuy, nyapirakeun kana hutang, daek bayar, henteu entong.
- Hutang salaput hulu Loba pisan hutang, nepi ka samar kabayar.
- Hutang uyah bayar uyah, hutang nyeri bayar nyeri Males kanyeri atawa kajahatan ku hukuman nu sarua atawa saimbang.